Kendang
Kendang (
Basa Indonésia: gendang) ngarupakeun
alat musik membranopon anu dijieun tina
kai jeung
kulit. Luyu jeung ukurana, aya kendang gede, kendang leutik,
katipung, jeung
katibung.
Bahanna
Bahan anu sae kangge ngadamel gendang biasana tina
kai nangka. Nanging aya oge anu ngangge
tangkal buah,
waru, atawa
kalapa. Kaina dicopongan sareng dipasihan
seuweu di bagian
bem anu leuwih gede ukuranna dibanding bagian
kempyang. Tutup gendang biasana ngangge
kulit sapi, nanging aya oge anu ngangge kulit
embe atawa kulit
munding.
Kurawet atawa tali gendang biasana oge ngangge kulit, nanging aya oge anu ngangge
tambang atawa
kawat. Gendang sunda kurawetnna leuwih loba
palengpangna benten sareng gendang Jawa. Bahan kangge nyangga gendang atawa
kincir didamel tina kai atawa
beusi. Kurawet kangge samparan tina
kaen anu lemes. Gendang biasana
dicet hideung atawa
beureum,
disirlak coklat, atawa
dipernis.
Ukuran
Panjang gendang kira-kira 60-70 cm. Ageung diameterna di bagian bem
kira-kira 20 cm, tengahna 25 cm, sareng bagian kempyangna 15 cm. Nanging
tiasa oge didamel leuwih ageung tina eta ukuran atawa leuwih alit.
Gendang anu leuwih ageung tina gendang
Jaipong biasana diangge
bass atawa
bedugna. Sedengkeun anu leuwih alit sareng pondok diangge
katipung anu dijejerken caket bagian bem. Katipung anu caket kempyang diangge panepak.
Namina
Sedengkeun nurut namina aya gendang Jaipong, gendang
Degung, gendang
batangan,
katipung,
panepak, sareng
katibung anu diangge dina
gendrum.
Biasana saparangkat gendang jumlahna hiji gendang sareng dua katipung.
Nanging aya oge parangkat gendang anu lewih loba jumlahna sareng lengkap
nadana. Contona gendang Jaipongan, biasana gendangna dua sareng katipungna genep.
Nabeuhna
Cara nabeuh gendang biasana ngangge panabeuh atawa dampal panangan
kenca dina bagian bem, katipung, katibung, sareng gendang jidur. Dampal
panangan katuhu kangge nabeuh bagian kempyangna sareng panepak. Tatabeuh
gendang biasana didamel tina kai siga tatabeuh bedug tapi leuwih alit
sareng tungtungna ngangge karet buleud. Tapi aya oge anu ngadamel gagang
tatabeuhna tina cempurit atawa fiber. Cara nabeuh gendang ngangge
tatabeuh biasana dina tepak gendang Jaipongan, wayang golek, sareng
utamina kangge tepak
gendrum.
sumber :http://su.wikipedia.org/wiki/Kendang
Tidak ada komentar:
Posting Komentar